16/05/2018
Waktu nitih ka mangsa
Geusna aya di Lahul Mahfudz
Lajuna waktu mapag bulan romadhon
Bumi, langit jeung Malaikat
Mugia jadi saksi ieu diri anu laip
Kuring anu dina kurung
Opat dulur lima pancer
Seja sumujud singkur ka Gusti
Ku ucap kedal Marhaban ya Ramadhan
Nanging sateuacana
Rumaos kalbu nu kajurung laku pinuh kapaur
Kajajap rasa melang hariwang
Tinangtos kantos aya carios anu teu sapagodos
Aya talajak anu campelak
Salami urang sasarengan sempal guyon
Simkuring salaku salah sawios admin Rinduwangi
Seja ngawakilan ais pangampih
Sadaya rengrengan admin saparakanca ieu rohangan
Seja tawakup anu kasuhun
Jembar pangampura anu di seja tisadaya baraya
Sumawona rengrengan saparakanca
Clik putih clak herang
Teu geuneuk teu maleukmeuk
Estuning caang bulan opat welas
Jalan gede sasapuan taya pisan gantar kakaitan,,,
www.rinduwangi.com