Sunda Mendunia

Sunda Mendunia Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Sunda Mendunia, Real Estate, Jalan Raya Rajadesa, Rajadesa.

01/11/2023

Tah ieu mah biasana dianggo ku MC atanapi Protokol dina muka acara, bilih peryogi mangga nyanggakeun. Ah henteu waé teu sawios ..!

🤭🤭🤭

Puji anu maranti nu jadi panghias diri, mangga urang sanggakeun ka kersana Gusti Robbul izati.
Puja anu biasa minuhan rasa teu bisa dipiboga da éta mah hak Nu Maha Kawasa.
Atuh syukur anu jadi pamungkus awak sakujur éta tetep kagungan Dzat Nu Maha Ghofur, nyatana Alloh SWT.

Sholawat miwah salam mugya salamina dikucurkeun, dikocorkeun tur dikecerkeun ka Jungjunan urang sadaya nyatana Habibana wa Nabiyana Muhammad SAW. Ka kulawargina, para sohabatna, para tabi'in, tabi'ut tabi'in tug dugi ka urang sadayana anu teu weléh nyukcruk galurna rosul, mutaba'ah ka mantenna. Anu mudah-mudahan urang sadaya sing kénging syafa'at ti mantenna. Aamiin yaa robbal 'alamiin.

Para sepuh anu linuhung, pupuhu papayung ieu nagri, teu hilap para tatamu anu garandang, ogé kadang mitra sadayana.

Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar 'na ati, campaka mangkak 'na dada. Kembang tanjung nu gumulung, kananga anu nyambuang, nyingraikeun lalangsé pananya haté, sumangga ieu acara urang kawitan.

Nanging sateuacan kebat nya lumampah mapay jalan anu ngembat tan halangan, sim kuring nu kapapancén janten pengatur waktu anu tangtu, pangbagi wanci nu utami badé nyebatan runtuyan acara nu badé kasanggakeun dina danget ieu.

Acara anu kahiji mangrupi bubuka, anu dilajengkeun kana aosan ayat-ayat suci Al-Quran.

Atuh acara anu kadua acara panyérénan bakal calon pangantén pameget teras ditéma ku panampian ti pihak bakal calon pangantén istri lajeng acara simbolis sérén-tampi cacandakan.

Lajeng acara katilu acara anu inti nyatana akad walimah pangantén ku mangrupi ijab sinareng qobul, anu badé dipingpin ku Petugas ti Kantor Urusan Agama.

Acara anu ka opat sungkeman.

Dillajeng acara anu kalima mangrupi du'a minangka pamungkas acara anu in shaa Alloh dipingpin ku kersana ....

Acara salajengna ramah-tamah, sakantenan jamuan "makan siang" kanggo para tatamu sareng hadirin sadayana.

Sumangga supados ulah nyangkolong teuing kana waktos ieu acara urang kawitan.

Nyukcruk galurna para rosul, mapay laratan para anbiya, pédah aya conto ti para ulama. Dimana-mana rék milampah hiji kahadéan payus tur pantes urang salaku umatna Kangjeng Nabi Muhammad Saw, mun ngamimitian acara dibuka ku ngucapkeun asmana Alloh SWT, nu dipalar hasil maksad laksana anu diseja kalayan diwuwuh ridho sareng rohmat-Na Gusti Nu Maha Suci
Mangrupi acara bubuka sumangga ieu acara urang buka sasarengan ku ngucapkeun lafadz basmalah.

بسم الله الرحمن الرحيم

Alhamdulillah, pamugi ku aosan basmalah sasarengan, ieu acara aya dina kabarokahan tur kalancaran dugi ka réngséna.

Acara salajengna ... Urang ngémut deui, nya ..!

13/06/2022
16/03/2022
16/03/2022

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bismillaah nu jadi kawitan
Di lajengkeun kana puji syukur Alhamdulillaah
Sholawat Salam Hormat Kawilujengan Kanggo Panutan Sadaya Ummat .



Address

Jalan Raya Rajadesa
Rajadesa
46273

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Sunda Mendunia posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share

Category