Rebo Nyunda

Rebo Nyunda Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Rebo Nyunda, Real Estate Company, Selacai.

Sahabat semua yang baik hati mohon dukungannya untuk subscribe like comment dan share youtube saya ya teman teman...Teri...
26/09/2021

Sahabat semua yang baik hati mohon dukungannya untuk subscribe like comment dan share youtube saya ya teman teman...
Terima Kasih
Semoga kesehatan dan keberkahan menyertai kita semua.

Cara mudah membuat pot bunga dari Sabut kelapa.mudah sekali kawan .jangan lupa dukung channel ini ya ... ...

27/07/2021

Tuh tingali sarangèngè
Nu nyaangan marcapada sapopoé
Hurung gilang gumilang cahyana
sarta taya boseuna🌅
Poék sotéh pédah kahalangan lalangsé

Pék imeutan panon poè
Unggal wanci taya boseuna
Taat tumut kanu nyiptakeunana
Manfaat pikeun kumna saréréa

Sakumaha teuing rugina
Mun téa panon poé beulikan/
pundungan siga manusa
Meus-meus pareum miang pundung😔
Pasti Kacida geueumanana
Di haliah ieu dunya.

Sanajan boga sima mibanda tanaga💪
Panon poé tara baha🌅
Panceg kana papagon nu ditarimana
Teu luhur sanajan cicing di luhur.🙏

Ajrih nyaangan kanu poékeun
Soméah ka papada mahluk nu kumelendang di alam dunya
Taya basa ménta di puji jeung di puja
Moal pareum saméméh nu kawasa
Nitah mulang atawa miang

Mugia dina dinten ieu,
urang sadayana pinanggih sareng Kabagjaan, jauh tina cilaka,
disinglar tina musibah

🙏

26/07/2021

Nguniang panon poè
sarangéngé ngitungan deui poé
Bray cahyana sumirat nyaangan jagat
meulah simpé nyingraykeun bangbaluh haté

Reumis sésa janari ibun urut subuh
marurag kadupak nu rék indit
Indit nyampeur nu kahandeuleum sieumkeun
Nuluykeun lampah nu kahanjuang siangkeun

Rék ngahumakeun deui nu basa kamari
Lain ngahumakeun susuganan
nu buahna boa-boa
Tapi rék Ngahumakeun tumarima
Nu buahan Ikhlas kalayan Ridho-Na.

Bismillahirohmanirrohiim...

21/07/2021
21/07/2021

Wilujeng Sonten wargi Sunda sadayana dimana mana dimana waè ayana Mugia aya dina kabagjaan .

21/07/2021

Duh Gusti pangèran abdi. . .
Alam meni éndah kacida. . .
angin lir nu imut ngagelenyu,
hawa ti'is mepes ati. . .
béntang maturan ku kiceupna. . .
langit lénglang taya méga
tangara guligahna rasa...
sepi jempling réhé simpé
mépéndé ieu haté. . .
Poèkna peuting mawa béja. . .
hiliwir angin mawa carita. . .
ngondang rasa anu pinuh tanya. . .
nunggu waktu nganti wanci idin ti gusti. . .
Sato peuting mèrè pépéling
ngageuing sangkan urang eling. . .
sumujud kanu boga wening. . .

21/07/2021

اَلسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Lain berarti ulah boga komara, lain ulah boga kahormatan, tapi ulah boga rasa asa meunang sorangan, kulantaran kitu, teundeun rasa rumasa dina diri supaya jadi tawadlhu', ulah asa aing.

Lain rumasa diri hina nepika horèam Nerangkeun nu Haq, embung nerangkeun bener, sabab diri ngarasa hina jeung èra ku sabab taya pangaboga, tapi ulah adigung kunu suwung, ulah agul ku payung butut.

Tina rasa rumasatèh kudu aya bukurna, lamun rumasa bodo, kudu daèk ngaji pikeun nambahan èlmu, lamun diri rumasa loba dosa kudu daèk tobat. Lamun diri boga rasa rumasa tapi teu aya bukurna, ngarana Bohong.

Cag ahh🙏


Address

Selacai
46273

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Rebo Nyunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share